Yosua
14 Imam Éléazar, Yosua anak Nun, jeung para pamingpin kulawarga ti unggal kaom Israél geus mikeun tanah Kanaan jadi warisan keur urang Israél.+ 2 Tanah warisan keur salapan satengah kaom+ dibagikeun ku cara diundi,+ sakumaha paréntah Yéhuwa ka Musa. 3 Musa geus mikeun tanah warisan ka dua satengah kaom séjénna di beulah ditu Walungan Yordan,*+ ari kaom Léwi teu dibéré tanah warisan.+ 4 Turunan Yusuf jadi dua kaom,+ nyaéta Manasyé jeung Éfraim.+ Kaom Léwi teu narima tanah warisan, tapi ngan dibéré kota-kota+ keur dicicingan sarta tegalan keur ingon-ingon maranéhna.+ 5 Urang Israél ngabagi-bagi tanah sakumaha paréntah Yéhuwa ka Musa.
6 Tuluy, sababaraha lalaki ti kaom Yéhuda datang ka Yosua di Gilgal.+ Kaléb+ anak Yéfuné urang Kénaz téa ngomong kieu ka Yosua, ”Manéh nyaho pisan ucapan Yéhuwa+ ka Musa hamba ti Allah nu sajati+ ngeunaan urang duaan basa di Kadés-barnéa.+ 7 Umur urang téh 40 taun basa diutus ku Musa hamba Yéhuwa. Urang dititah indit ti Kadés-barnéa pikeun mariksa kaayaan ieu tanah,+ jeung urang ngalaporkeun kaayaan nu sabenerna.+ 8 Sanajan babaturan nu milu jeung urang méré laporan nu nyingsieunan ieu bangsa, urang mah nurut ka Yéhuwa Allah urang ku sapinuhna haté.+ 9 Poé éta, Musa sumpah, ’Tanah nu ditincak ku manéh bakal jadi warisan keur manéh jeung turunan manéh salilana, lantaran manéh nurut ka Yéhuwa Allah urang ku sapinuhna haté.’+ 10 Sakumaha jangji-Na,+ Yéhuwa nangtayungan urang+ salila 45 taun ieu ti saprak Yéhuwa ngucapkeun éta jangji ka Musa waktu bangsa Israél ngumbara di tanah gurun.+ Ayeuna urang geus 85 taun, 11 tapi jagjag kénéh, teu béda jeung baheula basa urang diutus ku Musa. Rék perang atawa rék naon waé gé urang mah kuat kénéh siga baheula. 12 Jadi, daérah pagunungan nu dijangjikeun ku Yéhuwa poé éta téh sok bikeun ka urang. Nya manéh gé nyaho di dinya aya urang Anakim+ nu cicing di kota-kota gedé nu dibénténgan,+ tapi Yéhuwa pasti* nyarengan urang.+ Urang bakal ngusir maranéhna, sakumaha jangji Yéhuwa.”+
13 Ku kituna, Yosua ngaberkahan Kaléb anak Yéfuné jeung mikeun Hébron jadi warisanana.+ 14 Éta sababna Hébron jadi milik Kaléb anak Yéfuné urang Kénaz nepi ka ayeuna, lantaran manéhna nurut ka Yéhuwa Allah Israél ku sapinuhna haté.+ 15 Hébron tadina mah disebut Kiriat-arba+ (Arba téh jalma penting di antara urang Anakim). Geus kitu, euweuh perang deui di éta nagri.+