Kisah Para Rasul
19 Basa Apolos+ di Korintus kénéh, Paulus indit ngaliwatan daérah-daérah nu jauh ti laut tuluy nepi ka Éfésus.+ Di dinya, manéhna panggih jeung sababaraha murid 2 tuluy nanya ka maranéhna, ”Basa mimiti jadi percaya, aranjeun narima kawasa suci teu?”+ Dijawabna, ”Kakara ngadéngé aya kawasa suci.” 3 Tuluy manéhna nanya deui, ”Jadi, harita aranjeun dibaptis ku baptisan naon atuh?” Dijawab deui, ”Baptisan Yahya.”+ 4 Ceuk Paulus, ”Baptisan Yahya mah pikeun nandakeun aranjeun geus tobat.+ Manéhna ngabéjaan jalma-jalma supaya percaya ka jalma nu bakal datang sanggeus manéhna,+ nyaéta Isa.” 5 Ngadéngé kitu, maranéhna dibaptis ku nami Juragan Isa. 6 Barang ku Paulus ditumpangan leungeun, maranéhna narima kawasa suci.+ Ku kituna, maranéhna jadi bisa ngomong basa asing jeung bisa ngaramal.*+ 7 Kabéhanana téh kira-kira 12 lalaki.
8 Salila tilu bulan, Paulus ngajar di tempat ibadah+ kacida wanina bari nepikeun hutbah sarta ngayakinkeun jalma-jalma ngeunaan Pamaréntahan Allah.+ 9 Tapi aya nu baredegong embungeun percaya, malahan ngagogoréng Jalan Juragan+ hareupeun jalma-jalma. Jadi, Paulus indit+ sarta misahkeun murid-murid ti maranéhna. Unggal poé, Paulus hutbah di rohangan gedé sakola Tiranus. 10 Kitu baé terus nepi ka dua taun. Ku kituna, kabéh penduduk di Propinsi Asia ngadéngé firman Gusti, boh urang Yahudi boh urang Yunani.
11 Allah terus ngagunakeun Paulus pikeun nyieun mujijat-mujijat nu luar biasa.+ 12 Malah lamun saputangan jeung baju urut Paulus dibawa ka nu gering,+ panyakitna leungit, roh-roh jahat gé nyaringkah.+ 13 Tapi, sababaraha urang Yahudi nu sok ngider ngusiran roh-roh jahat ogé nyoba-nyoba maké nami Juragan Isa. Ceuk maranéhna, ”Demi nami Isa nu diwartakeun ku Paulus, urang nitah, geura kaluar.”+ 14 Aya tujuh jalma nu osok ngalampahkeun éta ogé, nyaéta anak-anakna imam kapala urang Yahudi nu ngaranna Skéwa. 15 Tapi dijawab ku roh jahat, ”Aing ka Isa wawuh,+ ka Paulus wawuh,+ ari maranéh saha?” 16 Jleng jalma nu kasurupan éta ngagabrug maranéhna, hiji-hiji dikekeyek nepi ka aréléh kabéh. Maranéhna lalumpatan kaluar ti éta imah bari taranjang jaba awakna raraheut. 17 Kabéh nyahoeun kana kajadian ieu, boh urang Yahudi boh urang Yunani nu cicing di Éfésus. Maranéhna jadi sarieuneun. Nami Juragan Isa beuki diagungkeun. 18 Loba jalma nu geus jadi percaya daratang pikeun ngakukeun jeung ngabolékérkeun lalampahanana sorangan nu goréng. 19 Malahan, loba ogé nu baheulana tukang sihir mawaan buku-bukuna tuluy diduruk hareupeun jalma-jalma.+ Mun diitung-itung, jumlahna téh 50.000 duit pérak. 20 Jadi, firman Yéhuwa* beuki nyebar ku cara nu luar biasa sarta beuki gedé kawasana.+
21 Sanggeus kabéh kajadian ieu, Paulus mutuskeun rék ka Makédonia+ jeung Akhaya, terus ka Yérusalém.+ Ceuk manéhna, ”Ti dinya, urang gé kudu ka Roma.”+ 22 Jadi, manéhna ngutus dua babaturanana nu osok ngaladénan manéhna, nyaéta Timotius+ jeung Érastus,+ pikeun indit ka Makédonia. Ari manéhna mah tetep di Propinsi Asia pikeun sababaraha waktu.
23 Harita, ger aya huru-hara gedé+ ngaributkeun Jalan Juragan.+ 24 Aya tukang pérak nu ngaranna Démétrius, nu osok nyieun kukuilan pérak keur Déwi Artémis. Usahana kacida nguntungkeunana ka tukang-tukang pérak séjénna.+ 25 Manéhna ngumpulkeun batur gawéna jeung tukang-tukang séjénna, terus ngomong kieu, ”Dulur-dulur, maranéh nyaho pan urang bisa makmur téh lantaran ieu usaha. 26 Tapi, maranéh nyaksian jeung ngadéngé sorangan pan, teu ngan di Éfésus+ tapi di ampir sakuliah Propinsi Asia, jalma nu ngaranna Paulus ngahasud loba jalma supaya percaya kana omonganana yén allah jieunan leungeun manusa téh sabenerna lain allah.+ 27 Ieu téh bahaya, lantaran salian ti usaha urang bakal digogoréng, ieu ogé ngarendahkeun kuil Déwi Artémis nu agung. Déwi nu disembah ku jalma-jalma di sakuliah Propinsi Asia jeung sakuliah dunya moal diagung-agung deui.” 28 Ngadéngé kitu, jalma-jalma kacida ambekna, ger baé tinggorowok, ”Hirup Déwi Artémis, pupujaan urang Éfésus!”
29 Ku kituna, timbul huru-hara di sakuliah kota. Maranéhna kabéh ngabrul arasup ka stadion bari nyéréd Gayus jeung Aristarkhus+ nu asalna ti Makédonia, batur saperjalanan Paulus. 30 Tadina mah Paulus rék asup nyampeurkeun jalma-jalma, tapi dihalangan ku murid-murid. 31 Malah, aya sababaraha pangurus perayaan jeung pertandingan nu bageur ngirim pesen ka manéhna supaya teu ngabahayakeun diri asup ka stadion. 32 Jalma-jalma nu karumpul téh raribut teu puguh, ceuk ieu kieu, ceuk itu kitu, sabab lolobana mah teu nyaho naon tujuanana datang ka dinya. 33 Jadi, Aléksander disurung-surung ku urang Yahudi tuluy dititah ngomong ku jalma réa. Manéhna pepeta ku leungeunna ménta supaya jarempé, tadina mah rék ngajelaskeun. 34 Barang nyarahoeun manéhna téh urang Yahudi, maranéhna kabéh tinggorowok babarengan, ”Hirup Déwi Artémis, pupujaan urang Éfésus!” Kitu baé terus nepi ka kira-kira dua jam.
35 Ahirna, jalma réa beunang dirépéhkeun ku wali kota. Manéhna ngomong, ”Urang Éfésus, saha nu teu nyaho kota urang Éfésus téh nu ngajaga kuil Artémis nu agung jeung patungna nu ragrag ti langit? 36 Euweuh nu bisa ngabantah ieu. Jadi sok sing tenang, ulah gagabah. 37 Jalma-jalma nu dibawa ku maranéh téh teu ngarampog kuil, teu ngagogoréng déwi urang ogé. 38 Jadi, upama Démétrius+ jeung tukang-tukang pérak boga masalah jeung hiji jalma, pan aya para gubernur* dina poé-poé pangadilan, keun wéh maranéhna sina silih dakwa di dinya. 39 Tapi lamun maranéh boga kahayang séjén, éta kudu diputuskeun dina rapat umum anu resmi. 40 Urang kikieuan poé ieu téh bahaya, bisa dituduh barontak, sabab urang teu boga alesan jang nerangkeun ku naon aya huru-hara ieu.” 41 Sanggeus ngomong kitu, jalma réa téh dibubarkeun.