Kisah Para Rasul
26 Agripa+ ngomong ka Paulus, ”Ayeuna manéh diidinan ngabéla diri.” Paulus ngangkat leungeunna tuluy ngabéla dirina, kieu cenah,
2 ”Raja Agripa, abdi bungah pisan dinten ieu tiasa ngabéla diri payuneun Raja ngeunaan sakabéh dakwaan urang Yahudi+ ka abdi, 3 utamana lantaran Raja téh ahli kana sagala kabiasaan sareng masalah-masalah urang Yahudi. Ku kituna, mugia Raja sabar ngadangukeun abdi.
4 ”Sabenerna, sadaya urang Yahudi nu tos lami kenal ka abdi mah tarerangeun kumaha hirup abdi ti ngongora di antara bangsa abdi sareng di Yérusalém.+ 5 Upami hoyong mah maranéhna tiasa nyaritakeun yén abdi téh ti golongan Farisi,+ nyaéta aliran nu pangkeras-kerasna ngajalankeun ibadah.+ 6 Tapi ayeuna, abdi diadilan lantaran ngarep-ngarep naon nu dijangjikeun ku Allah ka karuhun abdi sadaya.+ 7 Padahal, 12 kaom abdi sadaya gé ngarepkeun ieu jangji laksana. Buktina maranéhna beurang peuting bener-bener ngalaksanakeun palayanan suci ka Allah. Tah, ku lantaran ieu harepan, abdi didakwa ku urang Yahudi,+ nun Raja.
8 ”Ku naon aranjeun teu percaya Allah ngahirupkeun deui nu maot? 9 Baheula, abdi gé yakin yén nami Isa, urang Nazarét téa, kudu dilawan sakuat-kuatna. 10 Éta nu dilampahkeun ku abdi di Yérusalém. Sanggeus abdi narima wewenang ti para imam kapala,+ loba jalma suci* dipanjarakeun ku abdi.+ Abdi gé satuju waktu maranéhna rék dihukum pati. 11 Abdi sering nganiaya maranéhna di tempat-tempat ibadah ngarah maranéhna ingkar tina imanna. Lantaran kacida ngéwana, abdi nganiaya maranéhna nepi ka kota-kota séjén.
12 ”Hiji dinten, pikeun ngalaksanakeun éta tujuan, abdi indit ka Damaskus lantaran ditugaskeun ku imam-imam kapala. 13 Nun Raja, tengah dinten basa nuju di jalan, abdi ningali aya cahaya ti langit nu langkung caang tibatan panonpoé. Éta cahaya nyorot ka abdi sarta ka jalma-jalma nu bareng sareng abdi.+ 14 Abdi sadaya labuh, tos kitu aya sora nu nyarios ka abdi maké basa Ibrani, ’Saul, Saul, ku naon manéh nganiaya urang? Manéh nganyenyeri diri sorangan lamun terus ngalawan urang.’* 15 Tapi ku abdi ditémbalan, ’Juragan téh saha?’ Terus Juragan ngajawab, ’Urang téh Isa, nu dikaniaya ku manéh. 16 Ayeuna cengkat, sok nangtung. Urang némbongan ka manéh téh rék milih manéh jadi palayan jeung saksi keur urang, ngarah manéh bisa nyaritakeun naon nu geus ditingali ku manéh sarta naon nu bakal ditémbongkeun ku urang.+ 17 Urang bakal nyalametkeun manéh ti ieu bangsa jeung ti bangsa séjén. Manéh ku urang bakal diutus ka maranéhna+ 18 pikeun ngabeuntakeun panon maranéhna,+ sarta mawa maranéhna ti poék+ ka caang,+ tina kakawasaan Sétan+ ka Allah, supaya maranéhna boga iman ka urang. Ku kituna, maranéhna bisa dihampura dosana+ sarta narima warisan bareng jeung jalma-jalma nu disucikeun.’
19 ”Jadi Raja Agripa, paréntah tina titingalian ti sorga téh ku abdi dijalankeun. 20 Abdi ngadugikeun pesen ka jalma-jalma nu aya di Damaskus+ heula, terus ka jalma-jalma di Yérusalém+ sareng di sakuliah Yudéa, tos kitu ka bangsa-bangsa sanés. Pesenna téh nyaéta maranéhna kudu tobat, balik ka Allah, sareng ngabuktikeun ku lalampahanana yén maranéhna geus tobat.+ 21 Éta sababna urang Yahudi di bait néwak abdi sarta hayang maéhan abdi.+ 22 Tapi lantaran dibantuan ku Allah, dugi ka ayeuna gé abdi tiasa teras ngawawar ka jalma biasa sareng jalma penting. Nu dicaritakeun ku abdi téh ngan hal-hal nu disebutkeun dina Kitab Para Nabi sareng dina Tulisan Musa nu bakal kajadian,+ 23 nyaéta Al-Masih téh kedah sangsara+ sarta jadi nu mimiti dihirupkeun deui tina maot.+ Anjeunna bakal ngawawar sareng nyaangan ieu bangsa sarta bangsa séjén.”+
24 Tengah-tengah Paulus keur ngomong jeung ngabéla diri, Féstus ngagorowok, ”Gélo manéh, Paulus! Loba teuing diajar manéh mah!” 25 Tapi Paulus ngomong, ”Abdi teu gélo, Nu Mulya Féstus. Pikiran abdi mah waras, sareng nu dicarioskeun ku abdi téh bener. 26 Raja gé terang pisan kana hal-hal ieu, matakna abdi teu asa-asa nyaritakeun ieu sadaya. Abdi yakin teu aya hiji-hiji acan nu Raja teu terang, sabab éta sadaya dilampahkeunana henteu susulumputan.+ 27 Raja Agripa, Raja percaya kana Kitab Para Nabi, pan? Abdi terang Raja percaya.” 28 Agripa némbalan ka Paulus, ”Sakeudeung deui, urang bisa jadi Kristen gara-gara manéh.” 29 Ngadéngé kitu, Paulus ngomong, ”Abdi miharep ka Allah, badé ayeuna badé engké gé, mugia Raja, kitu ogé sadaya nu ngadangukeun abdi ayeuna bakal jadi kawas abdi, tapi teu diranté kawas kieu.”
30 Geus kitu raja cengkat, kitu ogé gubernur, Bérnike, jeung jalma-jalma nu diuk di dinya. 31 Tapi bari kalaluar, maranéhna pada ngomong kieu, ”Ieu jalma teu ngalampahkeun hal-hal nu pantes dihukum pati atawa dipanjarakeun.”+ 32 Terus Agripa ngomong kieu ka Féstus, ”Sabenerna ieu jalma bisa dibébaskeun lamun teu naék banding ka Kaisar.”+