Kidung Agung
6 ”Hé mojang nu panggeulisna,
Kakasih anjeun téh di mana?
Keur ka mana kakasih anjeun téh?
Hayu urang téangan babarengan atuh.”
2 ”Kakasih abdi téh keur indit ka kebonna,
Ka pétakan wawangian.
Anjeunna keur ngangon domba-domba
Bari metikan kembang bakung.+
3 Abdi téh nu kakasih abdi,
Kakasih abdi nu abdi.+
Anjeunna ngangon domba di antara kembang-kembang bakung.”+
Enéng téh lir pasukan nu marawa bandéra, matak arolohok nu ningalina.+
5 Waktu diteuteup ku Enéng,+
Haté Akang téh kabandang, asa teu puguh.
Rambut Enéng téh lir embé-embé
Nu tarurun ti Pagunungan Giléad.+
6 Waos Enéng téh nya bodas nya saé
Lir domba-domba nu nembé dimandian.
Sadayana mani rapih,
Pepek lengkep taya nu kirang.
7 Pipi Enéng di balik cadar
Lir buah dalima nu dibeulah.
9 Tapi japati+ abdi mah ngan hiji, mojang nu sampurna.
Anjeunna téh nu pangistiméwana keur ibuna,
Nu paling dipikanyaah ku* wanita nu ngalahirkeunana.
Saur para mojang nu ningali anjeunna, anjeunna téh sakitu bagjana.
Para ratu jeung para selir gé muji anjeunna.
10 ’Itu saha nu ngagebray lir pajar,
Ngempray lir bulan purnama,
Sarta hérang lir cahaya sang surya?
Anjeunna téh lir pasukan nu marawa bandéra, matak arolohok nu ningalina.’”+
11 ”Abdi datang ka kebon buah,+
Badé ningal tutuwuhan nu jaradi di lebak,*
Hoyong terang pepelakan anggur téh tos sirungan can,
Sarta tangkal dalima téh tos karembangan can.
12 Bakating ku hoyong-hoyongna ningal éta kabéh,
Abdi téh teu engeuh
Tos aya di tempatna rombongan raja.”*
13 ”Ka dieu, mojang Syulam!
Hayu ka dieu atuh,
Ngarah abdi sadaya bisa ningal kageulisan anjeun.”
”Naha bet harayang ningali mojang Syulam?”+
”Sabab ningal anjeunna téh lir ningal tarian dua kumpulan.”*